Sunday, September 1, 2013

apa itu carpon



Pengertian carpon
Carita pondok teh nyaeta karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun hal-hal anu sipatna realistis, diangkat tina kanyataan.

Sajarah carpon
Carita pondok asal-muasalna mah tina talari carita lisan anu ngahasilkeun carita-carita kawentar kayaning Iliad sarta Odyssey  karya Homer. Carita-carita eta ditepikeun dina wangun puisi anu mibanda wirahma, kalayan wirahma anu mibanda fungsi minangka pakakas pikeun nulungan jalma pikeun nginget caritana. Bagian-bagian singget tina ieu carita teh, dipuseurkeun kana naratif-naratif individu anu bisa ditepikeun dina hiji kasempetan pondok. Sakabéh caritana kakara katémbong saupama sakabéh bagean caritana geus ditepikeun.

Ciri-ciri carpon
  • Bisa rengse dibaca dina sakali mangsa
  • Alurna teu kompleks, museur kana hiji kajdian
  • Mere kesan lir enya-enya kajadian
Unsur interistik carpon
·         Palaku
·         Amanat
·         Tema
·         Latar
·         Galur

Unsur eksterinsik carpon
·         Nilai-nilai dalam Carita Pondok
·         Latar Belakang Kahirupan Pengarang
·         Situasi Sosial

Teknik nulis carita pondok
  1. Tema
  2. Bahan carita
  3. Alur
  4. Tokoh
  5. Dialog
  6. Sudut pandang
  7. Prak-prakan


No comments:

Post a Comment

kata-kata mencerminkan kepribadian seseorang