Sunday, September 1, 2013

contoh warta berita




WARTA BERITA DAERAH KABUPATEN KUNINGAN

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Wilujeng enjing
Pamiarsa anu mulya
Tepang deui sareung warta berita Kabupaten Kuningan
Wartos wartos anu parenting di antawisna
1.      Program Car Free Day nu geus lumangsung meunang paniten ti masyarakat
2.      Pekan Kewirausahaan jeung kreativitas mahasiswa di Universitas Kuningan
3.      Pasanggiri  Apresiasi Basa jeung Sastra Sunda Tingkat Kabupaten Kuningan
Wartos salengkepna di dugikeun ku sim kuring …………………………
Pamiarsa
Program Car Free Day atawa Minggu bebas tina kandaraan, nu geus lumangsung sababaraha taun di kota Kuningan, meunang pangrojong ti sakumna masyarakat Kabupaten Kuningan.
Jalan Siliwangi salila tilu jam, ti mimiti jam genep isuk nepi ka jam salapan beurang teu meunang di liwatan ku mobil, motor, jeung delman. Kukituna salila tilu jam jalan Siliwangi bebas tina polusi. Hal ieu di mangfaatkeun ku warga  masyarakat jeung sabuderenana piken olahraga, jalan – jalan , futsal, senam jeung sabangsana. Malah hikmah tina eta Program Pamarentah Kabupaten Kuningan teh. Kaulinan urang lembur nu meh tumpur kiwari muncunghul deui saperti oray – orayan, dadaluan, ucing-ucingan, engrang, patikleuk jeung rea – rea deui di pintonkeun ku barudak teh meh unggal poe Minggu.
Wartos salajengna
Anyar – anyar ieu Universitas Kuningan ngayakeun kagiatan pecan Wira Usaha jeung kreativitas mahasiswa di kampus 1 Universitas Kuningan. Eta kagiatan ngawengku seminar kewirausahaan, pameran jeung basar, lomba mewarnai pikeun barudak TK, lomba lukis masal pikeun umum, lomba desain tulisan kaos jeung stiker pikeun murid SLTA, lomba nyanyi spontanitas pikeun para dosen, karyawan, mahsiswa UNIKU jeung masyarakat umum. Eta kagiatan anu lumangsung salila tilu poe ti mimiti tanggal dua puluh salapan nepi ka tilu puluh hiji Maret  meunang paniten ti warga masyarakat kampus sivitas akasemika Universitas Kuningan jeung  masyarakat umum. Meh unggal poe warga masyarakat kampus tumplek nongton basar jeung pameran nu di gelar ku para mahasiswa   ti unggal program studi sa Universitas Kuningan.
Rektor Universitas Kuningan, H. Isakandar, M.M.  dina biantarana netelakeun yen ieu kagiatan miboga maksud piken mata kuliah kewirausahaan, oge sangkan mahasiswa kreatif dina sagala widang.
Wartos anu pamungkas
Pasanggiri apresiasi basa jeung sastra Sunda tingkat SD, SMP atawa MTS, SMA atawa SMK atawa MA, jeung sadarajat tingkat Kabupten Kuningan taun ieu di gelar di SD SBI Cikaso Kacamatan Kramatmulya Kuningan.
Eta lomba ngawengku seminar pasanggiri biantara, ngadongeng, maca warta, maca sajak, maca jeung nulis aksara Sunda, oge pasanggiri pupuh raehan versi STSI Bandung.
Hasil tina ieu pasanggiri, unggal patandang nu meunang pinunjul kahiji boh lalaki atawa awewe ngabogaan hak pikeun tandang makalangan ka tingkat Provinsi Jawa Barat.                                                                                
Ieu pasanggiri geus lumangsung sababaraha taun ka tukang nu diayakeun ku Balai Pangembangan Bahasa Daerah Dinas Pendidikan Kabupaten Kuningan.
Pamiarsa
Mung sakitu wartos- wartos anu parenting enjing ieu.
Urang tepang deui dina wartos warta kota Kabupaten Kuningan engke sonten.
…………………………………..Amit mundur
Wassalamu’alaikum WR.WB.


1 comment:

kata-kata mencerminkan kepribadian seseorang